Kumpulan Pantun Sunda Jeng Pantun Ala Santri Penulis: Ali Hyuuga
Assalamualaikum..
wilujeung enjing sadayana.. kumaha daramang? tong hilaf kopi+udud+gorengan.y di sediaken nya, meh semanget macana..
manawi ayena teh kang Admin bade share Pantun-pantun Sunda sareng pantun ala mang santri atau bi santri. susuganan we aya nu ka hibur Daripada urang cengo nungguan kejo can asak-asak hhe
Sok gera calik sabari muncelik sakabeh pantun kudu ka lirik, kahade we tong teing ngagikgik bisi pajar setres ku budak letik
Berikut nyaeta pantun-pantun na:
1. Meuli pecin meuli bawang
Reujeung peuteuy tilu papan
Idih isin atuh akang
Kasep-kasep tara netepan
2. Aduh alim ningali gajah
Upami teu sareng ibu
Abdi alim waka nikah
Upami teu acan gaduh ilmu
3. Imah leutik imah bilik
Ayana di desa-desa
Hayang balik hayang balik
Ngaji jurmiah teu bisa-bisa
4. Kamis-kamis jum'at sabtu
Hujan-hujan lalayangan
Geulis-geulis geuning kitu
Unggal bujang dilayanan
5. Ka cinangsi tumpak taksi
Balikna nyaleuri tuur
Ulah gengsi jadi santri
Nepika era ku batur
6. Jalan-jalan ka cileunyi
Sendal butut hayang di patri
Nyai ulah jadi penyanyi
Lebih baik jadi neng santri
7. Pak amat miara kuya
Beuki lila beuki loba
Omat ulah ngagulung dunia
Di akherat bisi cilaka
8. Kapungkur roti di bandung
Ayeuna di ranca ekek
Kapungkur di rok di tiung
Ayeuna katembong kelek
9. Rincik rincang rincik rincang
aya roda na tanjakan
Sidik pisan sidik pisan
nyai teh bogoh ka akang
10. Cikaracak ninggan batu
Laun-laun jadi legok
Nincak ruhak dina batu
Laun-laun ngagorowok
11. Budak leutik bisa ngapung
Eta kalong ngrana
Botak saeutik jiga celempung
asa hayang ngarampana
12. Iwung bungkulna maju
nangka tangkalna dibabad
Indung tunggul rahayu
Bapak tangkal darajat
13. Daun hiris dibeungkeutan
dibawa ka juru masigit
Anu geulis ngadeukeutan
hayangeun dibere duit
14. Opat baris salah nyambung
mun tukang kakara ngabangun
Omat geulis ulah pundung
mun akang kapaksa nyandung
13. Aya listrik di masigit
caangna kamana - mana
Aya istri jangkung alit
hanyakal geuning waria
14. Kaso pondok kaso panjang
kaso ngaroyong ka mimbar
Sono mondok sono nganjang
sono ngaloyor ka kamar
15. Saha we nu bade nyangke
kamari abdi nu ngajagi
Bebende nu hade hate
pamatri ati nu sajati
16. Colenak enak dicocol
Komo mun tambah kalapa
Beletak pitak ditakol
Poho mun sirah mitoha
17. Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
Tai cakcak ninggang huntu
laun-laun nya dilebok
18. Aya roda na tanjakan
katinggang ku pangpung jengkol
Aya randa gogoakan
katinggang ku pohpor banpol
19. Batok kohok wadah huut
meuli eunteung jang bikeuneun
Budak montok gede hitut
nyeri beuteung, jeungjeuriheun
20. Kembang cula kembang tanjung
kembang sagala domdoman
Rek sabulan rek sataun
moal weleh diantosan
21. Pedah kuring kuralang kuriling
ucing ge'ring ngahariring
Tengah peuting jempaling jempling
kuring nyaring hayang ngising
22. Hayu urang mupu tiwu
ohan malah mobok pagu
Huntu linu murukusunu
bongan tara ngosok huntu
23. Mulung tanjung tengah gunung,
meunang cangkilung saguruntul
Nurus tunjung mbah dukun
ceunah nulung malah rahul
24. Ka Jampang mawa pakarang
ajang pe'rang makalangan
Ka akang naha sale'mpang
akang sayang ngan ka yayang
Mun sakie wae pantun ti simpribados kirang langkungna nyuhunken di ma'af sareng di ma'lum.